Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut
Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur
Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana
Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut
Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun
Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut
Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit
Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun
ka irung batur
Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan
Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna
Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar
Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada
tit..tit..tit…
Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan
Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur
Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput
Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem
Jalma nu pinter
Jalma nu bisa nyirian hitut batur
Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna…
Wajar lamun nu dagang hayang payu kudu pinter ngarayu, tapi rada kurang ajar lamun hayang payu bari jeung nipu. Kajadian ieu kaalaman pisan ku ceu Ida ( ngaran samaran euy) anu nganjrek di salahsahiji komplek di wewengkon Bekasi. Saperti biasana saban sore ceu Ida sok beberesih dihareupeun imahna, teu kungsi lila kurunyung aya tukang sendal, nawarkeun daganganana, rada lumengis lantaran cenah tiisuk meluk can payu sasiki siki acan, sarta can manggih sangu saremeh remeh acan. Ngareungeu kitu hate ceu Ida ngaleketey, jiwa sosialna ngadadak tembong, teu diengkekeun deui sendal teh dibeuli dua rampasan anu hargana dua puluh rebuan, atuh sabada narima duit situkang sendal nyaleuhak ngahenggoy sangu haneut anu karek ngangkat tina mejik jar, diimplik implikan ku lalawuhna, dadar endog,goreng tempe bacem, pleus angeun kacang jogo, disurungkeun ku sagelas cai tiis tina kulkas diasongkeun jeung botol botolna. Sanggeus beuteungna wareg, kitu deui daganganana laku, gura giru manehna amitan kalayan basa basi cumarita yen kasaean eta cenah sing dibales ku nu langkung ageung.
Isukna ceu Ida papanggih jeung tante Genjreng ( ieu ge sanes nami asli euy) tatangga sakomplek ngan beda blok wungkul, manehna galecok cumarita yen kamari tas meuli sendal, enya sendal sendal kitu cenah teu pati teuing butuh da nu heubeul ge masih keneh galituk, ngan eta we karunya jeung teu tega lantaran nawarkeunana bari lumengis sagala, tapi teu kungsi ari nepikeun ka dibere dahar mah. Ngareungeu obrolan tante Genjreng anu mirip jeung nu kaalaman ku manehna, ceu Ida langsung nyamber ” Boa boa anu dipeseran ku abdi ?” tarangna kerung nginget nginget deui kajadian kamari. ” Enya bener eta…!” tembal tante Genjreng basa dibejakeun ciri cirina jeung dedeg pangadegna.
Saminggu tiharita, kurunyung aya nu datang deui ka ceu Ida, sarua nawarkeun sendal bari lumengis kawas minggu kamari. Ceu Ida kerung,pikiranana kumalayang katukang nginget nginget deui, manehna asa asa apal, pas disidik sidik sihoreng nu dagang sendal teh jalmana sarua jeung anu minggu kamari. Sigana kedereun, ma`lum di komplek mah wangunanana sarua, samarukna can karambah kalebah dinya. Ningali lumengisna si tukang sendal,harita mah hate ceu Ida teu ngaleketey deui tapi malah ngagugudug napsu, lain pedah napsu atawa ngarasa kaduhung geus meuli sendal sarta mere dahareun kamanehna, tapi carana ieu anu kurang panujueun,nyieun akal akalan sangkan barangna laku antukna nipu. Lamun kongang mah cenah hayang saketrok ketrokeun neke. ” Keuheul atuh da !” bari terus ngajelebetkeun panto pager, leos kajero.
Ngabandungan pangalaman ceu Ida diluhur, sok inget ka pangalaman si uing sawatara bulan katukang, sarua tukang sendal oge, malahan rada rongkah make wani susumpahan sagala, cenah lamun ngabohong wani teu dibere rejeki sama sakali, aya angkoh nek dibere lima rebu jeung meuli nasi bungkus , tapi manehna nolak malah keukeuh sendalna kudu dibeuli, cenah mah jeung ongkos balik ka Sukabumi, si uing ahirna ngelehan golosor duit dua puluh rebu dibikeun, terus milihan model jeung nomerna anu cocok, sanggeus aya nu meujeuhna tur modelna pantes, kumanehna dites heula diduruk make korek gas, enya we teu teurak nandakeun yen sendal teh cenah bener bener kulit. Nepi ka ayeuna sakadang sendal teh can dipake,lumayan jeung engke lebaran, ngan lamun kaparengan ningali sendal eta, sok asa ngarasa dosa, lantaran inget ka susumpahanana. Bisi enya manehna teh ngabohong lantaran bakating ku hayang laku, enya da si uing mah matak nyebut kitu ge heureuy, ceuk si uing teh “mun ngabohong boeroet siah !” ah mudah mudahan we teu katuliskeun jurig.
Syam Ridwan:Urang Sunda
Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.
” Yang….kade hilap setrukna !” padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.
Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.
” Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !” Pokna rada teugeug
” Sabar atuh kang !” tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.
” Kang ieu katuanganana diculkeun wae !”
” Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !”
” Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?” ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
” Eh..muhun pa…abdi butuh pisan…naha bapa kagungan kitu ?”
” Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan..bapa mah tos bosen ngubaran !”
Syam Ridwan:Urang Sunda
Di Jakarta, lampu merah duka teuing aya sabaraha rebu unit. lamun kabeneran lampuna hurung beureum, kabeh kendaraan kudu eureun. tapi, ampir kabeh mesinna tetep hurung. Aya teu nya anu iseng meng-kalkulasi:
- lampu merah rata-rata hurungna 1-2 menit.
- hiji motor 100 cc, lamun cicing tapi mesin
- hurung, dina samenit meakeun 1/sekian liter bensin.
- di jakarta hungkul aya sabaraha juta motor 100cc ?
- pisabaraha litereun bensin bakal beak, sakal lampu merah.
tong heran ayeunamah rea nu aneh…..ti baralik apan…siang di hurungkeun…peuting di paehan…tungtungna…..jebrod wae…beunta beunta aya di rumah bersalin…….borojol wae…babar…gara gara lampu?nu naek mtorna bumil
dina tipi sababaraha waktu ka tukang sok aya iklan/kampanyeu ramah lingkungan, di antarana kartun nu ngagambarkeun paripolah nu mawa mobil pas kapegat lampu beureum. Mun teu dipareuman matak ambek nyedek, tanaga midek, langit mulek. Mun milih dipareuman, manuk ge tingcaruit nyalampeurkeun. Ceuk cenah, jelema mah sok kudu bae digeuing. Lamun panggeuingna teu robah2, angger, biasana lila2 sok kapopohokeun, don waro, jadi talobeh. tah, sakali-kali mah kudu bae digebrag, ngarah inget deui kana panggeuing tea.
Ceuk Nu Make AC (mobilna sae): “Panas euy lamun mesin mobil kudu dipaehan”
Ceuk Nu Teu Make AC (Mobilna kirang sae): “Puguh hese starter.. der mesin dipaehan!”
Ceuk Nu Motorna Alus: “Motor uing mah irit pisan, moal beak 1cc nungguan lampu hejo”
Ceuk Nu Motorna Rada Goreng: “Puguh pas distarter teh gas kudu digedekeun, malah leuwih boros, barina oge hoream kudu ngengkol”
Ceuk Nu Motorna Goreng: “Ngke lamung lampu hejo nu rek ngadorong motor uing saha?”
Ceuk nu gumasep: “Ieu teh kenalpot weuteuh, impor, geura dangukeun..”
Ceuk Amerika: “Good.. Good.. Good.. You’re such a good oil customer of OUR oil company.. keep up the good work!”
<font size=”2″>Enya sok araraneh barudak jaman kiwari mah..</font>
<font size=”2″>kenalpot saalus-alus hayoh dibobok, malah diganti paralon. “gaul” pajarkeun teh.</font>
<font size=”2″>lampu saalus-alus, hayoh ditutup dihideungan, atuh ari pareng jalan peuting sok mindeng parkir di solokan. “gaul” deui wae.</font>
<font size=”2″>sokbreker geus meunang ngukur ti pabrik hayoh dipondokeun, tepi ka kudu digotong lamun ngaliwatan polisi tidur. “gaul” tea.</font>
<font size=”2″>Lieur lah ngabandunganana. .</font>
<p style=”font-size: 14pt; font-family: times new roman,new york,times,serif”>10 taun nu kapayun jigana tiang listrik di jadikeun…knalpot</p>
meun mengkol batur keuna…..rumah sakit bersalin deui wae
Urang Sunda.
Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu pelatihan teuing di ITB. Caritana hiji sobat Adun meuli gantungan konci nu make Logo ITB, terus pamer ka Adun.
|
Ibro (sobat Adun) : Dun, tempo yeuh urang meuli ieu. (bari ningalikeun gantungan konci). |
Punten bilih atos ngaos kana ieu carios…..
Mabok
Hiji mangsa saurang jalema mabok asup ka hiji bar,
ngaliwatan panto hareup. Kanyahoan ku Bartender,
buru-buru ngahalangan eta lalaki,
“Teu meunang asup kadieu geus mabok mah!”
Jalema mabok tadi kaluar, tapi terus asup deui, ngan
ayeuna mah ti panto gigir. Kaperego deui ku Bartender
“Anjeun teh geus mabok, jadi tong asup kadieu! Perlu
di pang manggilkeun taksi…?”
Nu mabok tea buru-burur kaluar deui, tapi asup deui ti
panto tukang. Kapanggiheun deui bae ku si Bartender anu tadi,
bari jeung keuheul pok si Brtender nyarita, “Lamun
silaing wani asup deui, awas, dibejakeun ka pulisi geura!”
Jalma anu mabok tea ngarenjag jiga nu reuwas,
“har…naha silaing bisa gawe di sababaraha bar euy…?”
Baygon
Ilaharna poe lebaran, sok loba jalema anu ngadon
nyekar ka kuburan. Kasampak aya lalaki tengah tuwuh
keur nyeungceurikan tilu kuburan.
Lantaran harita teh keur loba jalma, atuh nempo
paripolah eta lalaki teh jadi loba anu panasaran.
“Manawi teu kaabotan, dupi eta kuburan anu tilu teh,
kuburan saha, geuning sadayana diceungceurikan?” ceuk
salah saurang jalma anu panasaran.
“Euh anu ieu mah kuburan pun bojo. Sapuluh taun
kapengker tilarna teh, ngaleueut baygon,” tembalna.
“Dupi ieu kuburan nu kadua?”
“Ieu oge sami kuburan pun bojo keneh. Lima taun
kapengker tilar dunyana teh. Sami deuih alatan
ngaleueut baygon.”
“Dupi anu ieu, rupina kuburan putra nya?” “His,
sanes. Ieu oge sami kuburan pun bojo. Nembe sataun maotna teh,
kenging musibah, tulang tangkorakna bencar.”
“euleuh-euleuh, geuning ngangge bencar sagala.
Panginten tabrakan waktos tunggang motor?”
“His, sanes. Bencar tulang tangkorakna teh wireh ku
sim kuring dibabuk ku linggis, da bongan nolak nginum baygon.”
Si Enci
Si Enci lapor ka pulisi, dumeh peuting tadi tokona
kagarongan. Eusina kabeh dikerid ku garong, anu cenah
jumlahna lobaan.
“Si Engkoh ditaliang, si Otong diwologod,” pokna bari
pepeta. Maksudna mah salakina ditalian, sarta anakna
diborogod ku garong tea.
“Ari Enci dikumahakeun?” pulisi nanya.
Si Enci kalahka ngabigeu bari aluman alimen.
“Si Engkoh ditaliang, si Otong diwologod….”
“Enya, eta mah pan si Engkoh jeung si Otong. Ieu mah
Enci, dikumahakaeun ?”
“Ah, embung, ela….,” tembalna
Abstrak
Guru : “Mar, naon ari anu disebut abstrak?”
Umar : “Henteu kongkrit Pa.”
Guru : “Kumaha maksud henteu kongkrit teh, Ju?”
Juju : “Teu kongkrit teh hartosna teu tiasa katingal,
teu tiasa dirampa, tapi hakekatna aya.”
Guru : “Alus, cing bere conto, Unang!”
Unang : “Lancingan Eti, Pa!”
Pohoan
Si Ontohod kacida pohoanana, utamana kana payungna.
Unggal poe, lamun rek indit gawe, manehna sok mawa payung,
ngan pas turun tina beus kotana, eta payung sok
tinggaleun bae. Hiji poe pamajikanana ngawawadian,
“Yeuh kang Ontohod,
payung teh mahal! maenya kudu meulian wae payung
unggal poe mah. Heug engke deui mah inget-inget ari
rek turun tina mobil teh.”
Atuh basa dina hiji mangsa si Ontohod ningal payung
dina beus kota anu biasa ditumpakanana,
buru-buru ku manehna dicokot, dibawa balik. Bari semu
atoh pok manehna ngomong ka pamajikanana,
“Yeuh, Nyai, teu poho deui ayeuna mah mawa payung teh.”
Pamajikanana colohok, “Akang, akang…., pan basa tadi
indit teh akang poho teu mawa payung!”
Anjing Pinter
“Pajar anjing silaing teh pinter, bisa dititah meuli
kurupuk sagala. Geuning sanggeus dibere duit ku kuring
teu balik deui?” ceuk si Tomi ka baturna.
“Sabaraha kitu dibere duitna?” ceuk baturna.
“Sarebu perak!” walon si Tomi
“Paingan atuh ari kitu mah. Lamun dibere lima puluh
perak, manehna bakal balik deui bari mawa kurupuk. Ari
dibere sarebu mah kawasna lalajo heula.”
Asuransi
Di Australia waktu aya konprensi asuransi
internasional, aya salah saurang peserta anu ragrag
ti hotel tingkat 15 nepi ka maotna.
Ceuk peserta ti Amerika,”Di nagara kuring mah, ieu
jalema anu ragrag teh santunan asuransina bisa cair
dina jero saminggu.”
Peserta ti Jepang embung eleh. “Komo di nagara kuring
mah leuwih cepet, asuransina bisa cair dina jero dua poe.
Kumaha ari di Indonesia?” pokna bari ngareret ka
peserta ti Indonesia.
“Di Indonesia mah leuwih cepet deui. Lamun aya jalema
ragrag ti tingkat 15 nepi ka maotna, di tingkat 10
keneh santunan asuransina geus dibikeun,” tembalna kalem.
Tos dugi ka Cianjur…”
“Pa supir punten ngawiat pun anak pami tos dugi ka
Cianjur kade wartosan..!” Ceuk saurang ibu-ibu ka
supir bis jurusan Bandung.
“Mangga bu.. ….nya ibu moal ngiring kitu ?” Tanya supir.
“Moal ibu mah ieu we pun anak..!” Ceuk si Ibu bari
ngareret anakna.
” Daag sayang..!”
” Daag mamah…!” budakna ngajawab.
Teu kungsi lila bis geus ngadius mapay jalan tol
Jagorawi, neupi ka Ciawi sibudak teh noel ka supir,
ma,lum diukna tukangeun pisan supir.
” Pa .. ..tos dugi ka Cianjur ieu teh..?”
” Teu acan jang … …tebih keneh …..!
Ceuk supir bari anteng ngagelang stir.
Dasar budak, basa bis ngahaeub ka Cisarua geus
celengkeung deui nanyakeun..” Pa tos dugi ka
Cianjur…?”
” Encan jang….!” Supir rada molotot.
Budak ngahephep sieuneun ari dipolototan mah, neupi ka
Ciloto katingali budak geus sapokpokeun nek nanya
deui, ngan kapiheulaan ku supir.
” Hayoh nek nanya deui…?” Ceuk supir buncelik.
Teu karasa bis geus neupi ka wilayah Cipanas….budak
anu titadi sok nanya terus, ayeuna jempe sihoreng
budak teh sare mani tibra pisan,
kitu deui penumpang nu sejenna pating galuher…ngan
anu teu ngaguher teh pa supir.
Renjag …..supir ngarenjag reuwas basa bis teu karasa
geus nepi ka Padalarang. …
ras inget kapapatah si Ibu mani omat-omatan lamun
geus nepi ka Cianjur kudu di bejaan eta budak teh.
…..
reg bis the eureun, terus supirna ngomong ka para
penumpang yen aya penumpang kaliwat turun,
kaparengan penumpangna ibu-ibu teu loba pancaraken bis
anu geus neupi ka Padalarang ngadius balik deui nuju
ka Cianjur …..anu dianterkeuna mah
jongjon wae ngaguher…… ken we lamun geus neupi ka
Cianjur karek dihudangkeun.
” Jang tos dugi ka Cianjur..!” Ceuk penumpang
gigireunana ngahudangkeun budak.
” Aduh tos dugi..!” Ceuk budak bari gura giru muka
bungkusan anu eusina obat cacing, leguk diinum.
” Jang dimana lungsurna…?” Supir mimiti keuheul,
lantaran budak the lain turun kalahka nginum obat
heula.
” Har ari bapa, pan karek dugi ka Cianjur, nya biasa
atuh lungsur mah di terminal Leuwi Panjang! ” Ceuk
budak kalem.
” Jadi di Cianjur lain nek turun ?”
” Sanes……saur mamah pami tos dugi ka Cianjur ieu
obat kedah di leueut, sakali deui engke pami tos dugi
ka Bandung !” Budak nerangkeun pertentang.
” Jadoolll !” Ceuk supir ngajejek gas.. ….dius bis
balik deui nuju ka Bandungkeun.
Setan
Saurang pejabat munggah haji. Dina mangsa jumroh eta
pejabat ngiluan pasesedek jeung nu lian.
Belewer nenggorkeun batu, nurutan nu sejen. Ngan
aneh, ti palebah anu ditenggorna aya nu males nenggor,
keuna pisan kana tarangna. Untungna teh bisa terus
kasanggap. Batu anu ditenggorna dibungkus ku keretas.
Barang dibuka ku manehna dina eta kertas aya tulisan
anu unina kieu “Ari sarua papada setan mah ulah
pipilueun maledog atuh euy!”
Viagra
“Ki…bade nginum jamu naon pegel linu, encok atawa
jamu napsu makan?” Tanya tukang jamu ka si Aki.
“Lain euy..aya Viagra teu..?” Ceuk si Aki satengah
ngaharewos.
“Euleuh-euleuh eta mah jeung budak ngora atuh
aki…nya si Aki masih keneh sok eng ing eng kitu..?”
“Lain jeung nukitu patut deuleu..!”
“Nya keur naon atuh..?” >
“Ieu euy sangkan kiih teu nyurucud wae kana suku!”
“Baruuk!
Amputasi
Dokter : “Aya dua wartos anu bade di dugikeun ka bapa.
Anu kahiji wartos anu pikabungaheun. Anu hiji deui
wartos pikasediheun. Bapa bade ngupingkeun anu mana
heula?”
Pasen : “Abdi mah hoyong ngupingkeun anu pikasediheun
heula, Dok.”
Dokter : “Sampean bapa kedah diamputasi. Maksadna
kadah dipotong duanana semet tuur.”
Pasen : “Ya Allah! teu tiasa ku tarekah sanes anu
langkung ringan?”
Dokter : “Teu tiasa.”
Pasen : “Dupi wartos pikabungaheunana kumaha Dok?”
Dokter : “Sapatu kagungan Bapa bade digaleuh ku
pembantu sim kuring.”
Tatangga
“Dewek mah keuheul kapamjikan euy, teu kaop tatangga
meuli itu, boga ieu, sok langsung nurutan, dasar si
panas baran…!” Mang Sarkim gegelendeng.
“Pamajikan nukitu patut mah bales wae atuh..!” Mang
Jupri kalahka mapanas.
“Nya kumaha kitu..?”
“Kieu geura lamun ningali tatangga kawin
deui..buru-buru urang ge kawin deui..!”
“Anyiiir satuju euy…!” Mang Sarkim atoh.
Motor Anyar
Si Encim kakara meuli motor anyar. Dicobaan jeung
babaturanana. Anu matak keuheul keur babaturanana, ti
mimiti indit nepi ka harita,
si Encim henteu ngoper gigi, tepikeun ka sora motor
geus ngaheong siga helikopter.
“Cim, montong dina gigi hiji bae atuh euy! pindahkeun
gigina”
Si Encim ngajawab, “Lah, lahuta teuing atuh. Apan gigi
hiji ge can beak”.
WAMIL
“Teu bisa atuh Pa, jalema jiga kuring ngilu wajib
militer” ceuk saurang pemuda anu embungeun ngilu
wamil.
“Naha?” ceuk perwira nu ngarekrutna.
“Apan suku kuring mah jangkung sabeulah”
“Oh, keun bae teu nanaon. Da engke ge di medan tempur
taneuhna henteu rata” ceuk si perwira kalem.
MANUK
“Sabaraha mang manuk ieu hargana ?” ceuk saurang
lalaki ka tukang manuk.
“Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu
tuh, anu cicing bae, eta mah dua juta” bari nunjuk
manuk anu ngahiul bae dina kurung.
“Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang
?”
“His, pan eta anu nyiptakeun laguna”
SIBUK
“Dupi Bapa na aya kitu ?” ceuk sora dina telepon.
Saurang budak anu narima eta telepon ngajawab bari
haharewosan.
“Aya, tapi nuju sibuk” pokna.
“Ari Ibu ?”
“Sami, mamah ge nuju sibuk” ceuk budak bari angger
ngaharewos.
“Saha deui atuh anu aya didinya ?”
“Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk” angger
ngaharewos.
Anu nelepon panasaraneun, “Naha nuju saribuk naon atuh
neng ?”
“Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng”.
Kiriman: “Idris Suryana” <idris@…>: Urang Sunda
Hari ini cape…. sekali…..
Pikiran diperas…..
Pikiran diperas….
Daripada stress… mendingan santai sejanak…
—————–oOo————————
hehehehe…. .kieu ari jalmi cerdas mah…
sae…sae…
Ganjar Kurnia wrote:
I.
Aya sobat anu ngawayuh dugi ka opat. Barang ditaros naha eta teh numut sunah Nabi? “Ah sanes kitu-kitu teuing” waleranana. Ngaitkeun ngawayuh sareng agama sok snanos aya ayatna sieun katulah cenah. Ieu mah estuning, tumut kana kasauran sepuh waktos akad nikah. Majar maneh :”pamajikan teh tihangna rumah tangga”. Kikituna kacipta lamun imah tihangna ngan hiji. Ngarah weweg, nya kedah opat meureun….. ……… ……… …
II.
Sobat anu sejen mah lain deui caritana. Ninggali rame anu ngawayuh, katinggalina aya korelasi antawis kabeungharan sareng ngawayuh (utamina anu beunghar anyar). Ki sobat oge ari ninggali sareat dunya mah asa pantes manehna lamun ngiluan oge orde ngawayuh. Tapi basa ditalek kunanon henteu ngawayuh, padahal beunghar? waleranana :”baroraah akang mah Yi, karunya ka si euceu. Lamun kolotna masih araya keneh mah, si euceu oge moal burung dibalikeun. Akang onaman, rek ganti wae ku nu anyar……. ……… ……… …
III.
Aya anu ngawayuh opat disabumikeun. Maklum ahli agama, ari kilir teh sok didalilan. Ari sakali ngaladenan salaki teh sami sareng maehan opat puluh yahudi cenah. Mantak ari isterina bade ngajak ebog teh sok nyarios :”apa sanes bade maehan opat puluh yahudi…… ……… ….”. Sup ka kamar isteri anu kadua ditawisan kitu oge. Tapi kusabab tos ngawitan leuleus, walerna teh :”anu ayeuna mah ngan 20 Yahudi na ” cenah. Atuh basa lebet ka kamar anu ka tilu, nyebatna teh ngan maehan sapuluh Yahudi. Barang istri anu kaopat nawisan : si Bapak ngadon ambek mureleng:”lain rek maehan Yahudi…… ……… …maneh mah rek maehan aing…….. ….sakieu geus leuleus teh”
kiriman: urang sunda
—oOo——————————–
Doa buda saacan sare
Budak : “Ya Alloh, mugia pun biang, bapa, sareng nini dipaparin
kasalametan. Mugia pun aki ditampi di sisi Anjeun?”
Bapa : ” Naha bet ngomong kitu budak téh? Pan Akina hirup kénéh?”
Isukna si Aki maot. Bapana ngahuleng.
Saminggu ti harita:
Budak : “Ya Alloh, mugia pun biang sareng bapa dipaparin kasalametan.
Mugia pun nini ditampi di sisi Anjeun?”
Isukna si Aki maot. Bapana hémeng, “ieu budak bisa komunikasi jeung alam
gaib” pikirna.
Sabulan ti harita:
Budak : “Ya Alloh, mugia pun biang dipaparin kasalametan. Mugia pun
bapa ditampi di sisi Anjeun?”
Atuh kontan bapana langsung teu bisa saré.
Isukna digawé bari pikiran teu pararuguh.
Datang soré, teu balik, hayoh mikiran omongan budak, ngajejentul di
kantor tepi ka peuting.
Liwat tengah peuting, ngoréjat, “aéh, geuning aing hirup kénéh”
Tuluy buru-buru balik.
Tepi ka imah, ramé jelema, pamajikanana hariweusweus,
“Ari si bapa tas ti mana, teu biasana lembur dugi ka wayah kieu?”
“Aya naon kitu ieu teh?”
“Itu si mang Duyéh, tadi keur bébérés di kebon, ngadadak maot!”
Atuh si bapa ngahuleng deui.
Kiriman: urang sunda
—-OoO——————-
Teu Miluan Jang
“Teu miluan Jang ?”
“Milu naon tea Jay ?”
“nya milu naon we..”
“Ah, hoream..”
“Naha ?”
“Teu naha-naha..”
“Teu naha-naha mah, naha atuh lain milu ?”
“Ih ari maneh, puguh hoream..”
“Cenah teu naha-naha, atuh geuning eta hoream”
“Ah, kumaha maneh we Jay. Cik, boga udud teu ?”
“Teu boga Jang, teu boga duit..”
“Naaa ari maneh, uing mah lain menta duit, menta teh udud..”
“Heueuh matak teu boga udud teh sabab uing teu boga duit,
matak na uing teu meuli udud, ngarti teu maneh ?”
“Atuda pupurilitan kitu nyarita teh, teu boga udud mah,
nyarita we teu boga udud kituh”
“Lain, pan meh maneh ngarti”
“Puguh jadi tambah lieur uing mah”
“Enya nu lieur mah da nu teu eling..”
“Haaar…teu eling kumaha Jay ?”
“Enya, mun maneh lieur hartina maneh teh keur teu eling”
“Puguh uing mah eling, sadar, sesadar-sadarnyah. .”
“Mun eling mah da moal lieur atuh”
“Ah ari sia ? majarkeun aing teu eling, sia nu teu eling mah..”
“Naha ambek ? teu rumasa mun keur lieur nya ?”
“Nya henteu atuh, da uing mah jejeg..”
“Cenah bieu teh lieur ?”
“Ceuk saha ? puguh ceuk maneh..”
“Tuh nya, nyarita we ge teu puguh, tadi nyarita cenah lieur
ku omongan uing, ari ayeuna ngakuna jejeg”
“Lieur teh lain teu eling uing mah, puguh caritaan maneh we
anu matak lieur ngabandunganana”
“Nya ari matak lieur mah tong dibandungan atuh, diJakartaan we..”
“Tuh geura, ayeuna maneh tah nu gelo..”
“Mun uing gelo, naha atuh daek ngomong jeung uing ?”
“heueuh..matakna ayeuna mah moal ngomong deui jeung maneh”
“Nyaan ?”
“Heueuh !”
“Eta atuh geuning ngomong keneh jeung uing”
“Ah bedul siah !”
“Lain bedul uing mah, ngaran uing mah Jay! tuh nya geus lieur deui
wae..”
“Ah kumaha sia we ah..”
“Nyaan kumaha uing ?”
“Enya…kumaha sia we..”
“Naha jadi ambek kitu ? pedah teu dibere udud nya ?”
“Lain..”
“Naha atuh ?”
“Teu naha-naha..”
“Teu naha-naha kumaha ? mun teu naha-naha mah hayu atuh milu”
“Milu naon ?”
“Nya milu naon we..”
“Ah, hoream..”
“Naha ?”
“Teu naha-naha pan ceuk uing ge”
“Teu naha-naha mah, naha atuh lain milu ?”
“Geus kadinya deui wae, moal anggeus-anggeus ah..”
“Heu..heu..barina oge daekan macaan ih..”
-dul-
tukangteuing
kiriman: urang sunda
Waktu eta teh s “Bedul” ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit make helem ieuh.
Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun manehna
Bedul: “Ku naon pa abi di eureun keun??”
Polisi: “Arek mariksa”
Bedul : “Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA………..
Polisi: “lain eta maksud saya mah”
Bedul: “Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala”
Polisi: “Ari SIM na mana ??”
Bedul: “Oh eta maha bi can gaduh pa!”
Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM
Langsung maneh na eureun
Bedul: “Aya naon deui pa ??? SIM aya …. motor komplit Naon deui pa?”
Polisi: “maneh teu pakai helem… Kapaksa ku saya maneh di tilang…”
Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeuneuran papanggih jeung polisi nu sok. Biasa nilang maneh na.Celetuk sibedul nanya ka eta polisi
Bedul: “Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge”
Polisi: “Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???”
Bedul: “Ohhh euya ya… geuning aing bolohoy!”
Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan…
oleh Suryadinata, Yudi
Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.
Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe “kang….tos dibuka……”, simaling ngagerendeng na hatena “duh! nyahoeun aing muka panto”, simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe “duh kang tos lebet nya !!!” sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena “haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !”, padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.
Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh “kang siga nu wengi nya!”. maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey…… beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo “duh bener-bener nyahoeun ka aing”. padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.
oleh Muhammad Tsabit
Saya memiliki cerita cinta lima babak yang menceritakan sepasang pemuda sedang bermadu kasih. Mereka berawal dari malam “Mingguan”.
Babak pertama:
Sore itu cuaca cerah, si pemuda sudah siap dengan motor barunya untuk mengajak kekasihnya menikmati malam Minggu yang indah. Akhirnya berhasil juga si pemuda tadi mengajak kekasihnya menikmati malam Minggi dengan motor barunya. Mereka asyik “ngobrol” sambil mengendarai motor, dan tidak dirasa oleh mereka, bahwa motornya melewati lampu merah, si pemuda terus saja melewatinya tidak berhenti dulu.
“Yang, mengapa menerobos lampu merah, harusnya tadi berhenti, perbuatan tadi kan kan bahaya, dan kita bisa ditilang”, ujar si gadis
“Neng, tenang saja, yang mengendari motor kan saya”, si pemuda membela diri.
“Iya saya tahu tapi kan bahaya…” si gadis menyela.
“Neng, yang punya motor kan saya, yang mengendarai motor kan saya, bukan neng”, ujar si pemuda.
Mereka terdiam, dan si gadis merasa kalah, dalam pikirnya “iya deh saya ngalah dan saya kalah nol satu”
Babak Kedua:
Pada malam minggu berikutnya tidak keluar rumah, mereka asyik bercengakrama di rumah si gadis.
“Neng, buatkan teh manis ya”, pinta si pemuda
“Ya, sayang”
Tidak lama kemudian
“Neng, masa teh manis warnanya hitam begini, ini bukan teh manis, tapi kopi campur teh dan gula”, ujar si pemuda
“Sayang, tenang saja… yang membuat teh manis kan saya, yang penting ada teh nya, mau dicampur kopi atau susu ya terserah saya, kan saya yang membuatnya, ini kan di rumah saya, jangan banyak protes deh…”, papar si gadis
“Iya deh…” si pemuda mengalah
Dalam pikiran si pemuda, “waduh saya harus ngalah deh.. ya deh ngalah”
Si Gadis melihat wajah si pemuda sambil berceloteh dalam harinya “Halah satu sama…”
Babak Ketiga:
Sabtu sore berikutnya mereka “mejeng” di alun-alun kota, sambil menikmati indahnya alam sekitar.
“Neng, lapar nih, jajan baso yu”, ajak si pemuda.
“Ah, gak mau, gak lapar, takut kegemukan”, tolak si gadis.
“Neng, yang ngajak kan saya, ya terserah saya, yang lapar kan saya bukan Neng. Nneng lapar atau tidak tidak jadi malasah. Neng kan pacar saya masa tidak mau”, papar si pemuda.
“Iya deh”, jawab si gadis.
Akhirnya mereka berdua jajan baso. Dalam pikiran si pemuda baru terpikir bahwa dia telah dua kali meluluhkan hari wanita, dalam pikirnya “berhasil menaklukan hati seorang wanita”. Tapi dalam pikiran si gadis berbeda, dia berpikir “wah saya kalah kagi nih satu dua.
Nah pembaca, dari tiga babak di atas dapat disimpulkan bahwa laki-laki ternyata menang (dapat menaklukan hati wanita). Hasilnyanya sebagai berikut.
Babak pertama: Si Pemuda yang menang
Babak kedua : Si Gadis yang menang
Babak ketiga: Si Pemuda menang
maka hasil sementara Si Pemuda yang menang.
[seperti pertandingan saja]
Babak Kelima:
Satu bulan berikutnya, si pemuda membeli mio, dia sengaja membelinya untuk diberikan kepada si gadis sebagai tandanya cintanya.
“Sayang, motornya baru ya, kok mio?”, tanya si gadis.
“Iya, ini hadiah ulang tahunmu, ini mio hitam untukmu”, papar si pemuda.
“Syang, lo… mengapa kok mio ada “perseneleng”nya dan ada kompilingnya, biasanya mio itu hanya ada 2 rem tangan?” si gadis keheranan melihat mio yang berbeda.
“Neng, baru tahu ya, ini kan motor saya, saya yang beli, saya yang modif, ya bagai saya saja.. jangan banyak protes deh.”, ujar si pemuda.
Keduanya terdiam. Hati si gadis dongkol, karena dia merasa kalah terus dan pikirannya berkata “waduh… saya kalah lagi, satu tiga nih”.
Nah pembaca dari lima babak cerita cinta tersebut ternyata laki-laki menang atas perempuan, buktinya si pemuda 3 kali mengalahkan/menaklukan si gadis. Jadi hasil akhir 3-1 dimenangkan oleh laki-laki.
[Pasti ada pembaca yang portes, “mana babak ke empatnya?”, tenang pembaca, yang bercerita kan saya, ya bagaimana sayaa saja, mau babak keempatnya ada atau tidak, mau laki-laki yang menang atau kalah, ya terserah saya saja. Cerita itu karangan saya kok, mengapa pembaca jadi pusing-pusing, hehehehehe]